Pages

Subscribe:

Ads 468x60px

Rabu, 14 Maret 2012

-Diskusi-

KOMPETẾNSI DASAR
Diskusi Kelompok

INDIKATOR
1. Bisa nangtukeun jejer (topik) diskusi.
2. Bisa nangtukeun wawakil kelompok pikeun nepikeun pamadegan.
3. Bisa nepikeun matéri diskusi kalawan hade.
4. Bisa nyatetkeun pananya, saran, atawa kritik anu ditepikeun ku kelompok séjén.
5. Bisa ngajawab pananya kalawan tétéla.
6. Bisa nepikeun kasaluyuan atawa nolak kana pamadegan batur diskusi.
7. Bisa ngasongkeun arguméntasi anu ngadeudeul atawa ngabantah pamadegan batur diskusi.


A. Harti Diskusi
Diskusi mangrupakeun cara tukeur pikiran pikeun ngabadamikeun hiji pasualan. Ilaharna diskusi ngalibatkeun sababaraha urang. Malah dina kagiatan-kagiatan umum mah, anu ngalibatkeun jalma loba, kudu loba pangaturan anu jelas supaya prosesna lancer tur bener.
Lian ti éta aya ogé nu disebut rapat, nyaéta gempungan para pangurus organisasi atawa perkumpulan nu aya patalina jeung pancén atawa rupa-rupaning pasualan. Rapat biasana dipimpin langsung ku kapala atawa pupuhu éta organisasi. Sabagé pamingpin, kapala instansi ngarahkeun obrolan, pamanggih, koméntar para pamilon supaya kaputusan nu dihasilkeunana bener-bener luyu jeung tujuan rapat.

B. Para Palaksana Diskusi
Para palaksana diskusi ngabogaan pancén séwang-séwangan. Maranéhna aya nu disebut moderator atawa panumbu catur, sekretaris, narasumber atawa panelis, jeung paserta.
1. Moderator
Pancénna nyaéta saperti di handap ieu.
a) Nepikeun pasualan-pasualan nu baris didiskusikeun.
b) Nepikeun aturan maén atawa tata cara diskusi.
c) Muka jeung nutup jalanna diskusi.
d) Ngatur jalanna diskusi.
e) Ngajaga kalumangsung diskusi luyu jeung tujuan ogé jadual nu ditangtukeun.
f) Nepikeun kasimpulan-kasimpulan diskusi.

2. Sekretaris
Pancén poko sekretaris diskusi.
a) Nyatet ngaran peserta diskusi jeung tanggapan-tangapanana.
b) Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila diskusi.
c) Nyieun catetan jeung kasimpulan-kasimpulan samentara diskusi.
d) Nyieun laporan diskusi sacara lengkep satutasna diskusi.
e)
3. Panelis
Dina diskusi-diskusi gedé, sapertikeun diskusi panel atawa seminar, sok aya petugas diskusi séjénna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancén pokona nepikeun makalah atawa medar téma diskusi sacara panjang lébar. Manéhna boga peran sabagé narasumber atawa pananyaan pikeun para peserta diskusi patalina jeung hiji pasualan.

4. Peserta
Kahadiran jeung andil para peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi. Kateuhadiran para peserta diskusi sarua hartina jeung teu aya diskusi. Ti para diskusi, sagala pamanggih, jalan kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan bias dirumuskeun. Ku sabab kitu, para peserta diskusi teu saukur diharepkeun hadir, nu leuwih penting nyaéta andilna ku mangrupa saran, pandapat, atawa koméntar- koméntarna.

C. Tata Cara Diskusi
Sacara umum, tata cara diskusi ngawengku sababaraha tahapan saperti di handap ieu.
1. Meunang idin ti moderator
Saméméh nepikeun saran, pamanggih jeung séjén- séjénna, unggal peserta kudu meunang idin ti moderator. Teu cukup ku ngangkat leungeun, peserta diskusi meunang nyora lamun ditunjuk atawa diidinan ku moderator.

2. Ngenalkeun Diri
Ngenalkeun diri diperlukeun dina diskusi-diskusi gedé, utamana anu pesertana teu saling kenal. Ungggal peserta nu rék nepikeun pamanggih, saran, kritik, jeung sajabana perlu ngamimitian ku ngenalkeun diri: ngaran, kelas/sakola, atawa alamat.

3. Nepikeun Saran atawa Pamanggih
Dina nepikeun saran atawa pamanggih, hal-hal di handap ieu kudu diperhatikeun.
a. Saran, pamanggih, jeung sajabana kudu dibarengan ku alesan, fakta, atawa conto nu jelas.
b. Saran atawa pamanggih kudu ditepikeun kalawan lancar, jelas, sopan, jeung wijaksana.
Anapon tahapan-tahapan mingpin diskusi/rapat, nyaéta saperti di handap ieu:
1. Muka diskusi
a. Ngucap salam
1. Assalamualaikum Wr. Wb., hadirin!
2. Wilujeng énjing para wargi.
b. Nganuhunkeun kana kahadiran para peserta atawa pamilon diskusi.
Nganuhunkeun ka para pangurus OSIS anu tos sayogi ngalungguhan pangulem pribados kanggo ngahadiran ieu acara.
c. Nepikeun pamaksudan diskusi.
Anapon pamaksudan prbados ngayakeun ieu diskusi teu aya sanés kanggo ngabadantenkeun rencana urang dina acara halalbihalal engké. Utamina tempat, waktu, sareng biaya anu diperyogikeun.

2. Ngatur jalanna diskusi
Kalimah-kalimah nu ilahar digunakeun ku pamngpin diskusi dina ngatur atawa ngarahkeun jalanna diskusi, nyaéta saperti di handap.
a. Mangga ka sadérék sadaya nu bade ngadugikeun saran-saran.
b. Rupina pasualan dana mah éngké waé dibahas ti pengker. Ayeuna mah langkung saé ngabaddantenkeun tempat sareng waktosna heula.
c. Supados teu nyangkolon kana waktos, mangga urang putuskeun waé ku cara voting…
d. Saéna urang istirahat waé heula atuh supados tiasa seger sareng langkung sumanget deui. Kinten-kinten tabuh dua urang teraskeun ieu rapat.
3. Nyimpulkeun jeung nutup diskusi.
a. Janten aya sababaraha kacindekan nu tos disaluyuan ku sadayana nyaéta…
b. Tina hasl babaddantenan tadi, ti siang dugi ka sonten ayeuna, aya sababaraha hal nu tos tiasa ku urang disimpulkeun…
c. Alhamdullilah, sadérék sadaya, rapat tos tiasa ngahasilkeun sababaraha kaputusan penting. Mudah-mudahan sadayana mangpaat sareng tiasa ku urang dilaksanakeun kalawan lancer.

D. Niténan Lumangsungna Diskusi.
Dina kahirupan sapopoé, bias ogé urang ngan saukur jadi pamilon diskusi atawa pangamat wungkul. Éta kassmpetan hade pisan pikeun dijadikeun conto lamun prak-prakan bener-bener alus, sakalgus bias djadikeun pieunteungeun lamun éta diskusi téh goréng.
Pananya-pananya di handap ieu bisa djadikeun padoman dina nganiléy goréng alusna hiji diskusi.
1. pamingpin diskusina adil tur wijaksana?
2. ngarti pamingpin diskusi téh kana aspirasi anggotanya?
3. para anggota miluan éta diskusi téh serius atawa apilain?
4. pamanggih sarta koméntar-koméntarna ditepikeun sacara lengkep tur jelas?
5. pasualan-pasualan diskusi téh kapecahkeun kalawan tuntas?
Pananya-pananya di luhur bisa ditambahan-tambahan deui, misalna nu aya patalina jeung kaefektifan waktuna, katartiban dina palaksanaanana, kabersihan tempatna.

E. Ngalaporkeun Hasil Diskusi
Ngalaporkeun hasil diskusi hartina nepikeun jeung nétélakeun sagala rupa hal nu diputuskeun dina jero diskusi. Laporan diskusi kabiasaanana dijieun sacara tinulis. Gunana pikeun padoman para anggota diskusi, sabagé dokumén atawa arsip organisasi. Laporan éta perlu ogé ditepikeun ka pihak-pihak séjénna, atawa kapala sakola. Lamun para pangurus RT nu diskusina, hasilna ditepikeun ka lurah atawa kuwu.
Anapon widang-widang nu perlu ditepikeun dina laporan diskusi, nyaéta:
1. jejer atawa masalah nu didiskusikeun,
2. tujuan diskusi,
3. para pelaksana jeung pamilon diskusi,
4. tempat jeung waktu diskusi,
5. hasil-hasil diskusi,
6. kacindekan.
Dihandap ieu dicontokeun susunan laporan diskusi,
1) pangbubuka
a. kasang tukang diskusi
b. jejer/masalah diskusi
c. tujuan diskusi
d. tempat/waktu
e. pamilon
2) hasil diskusi
a. poko-poko masalah nu didiskusikeun
b. pananya sarta tanggapan nu dtepikeun ku pamilon rapat
3) panutup
a. kacindekan-kacindekan diskusi
b. pasualan-pasualan nu nyésa, tacan kabahas (lamun aya)
c. saran-saran
4) lampiran
Bagéan lampiran dieusi ku rupa-rupa dokumén nu aya patalina jeung kagiatan diskusi, saerti;
a. jadual diskusi
b. susunan acara diskusi
c. daftar pamilon diskusi.

F. ADEGAN BASA TATA WACANA
Istilah Tata Wacana diwangun ku dua kecap, nyaéta tata ‘aturan’, kaédah’jeung wacana ‘omongan’, ‘ucapan’. Saujratna mah, tata wacana téh mangrupa aturan atawa kaédah ngawangun wacana. Kana tata wacana kaasup ngarucat atawa analisis wacana.
Tata wacana téh bisa ogé disebut pragmatic (pragmatics), nyaéta salahsahiji tina tilu dahan élmu tanda atawa semiotik (semiotics).
Ari dua dhan semiotik séjénna nyaéta sintaksis jeung semantik. Pragmatik maluruh wacana atawa patalina unsur basa jeung pamaké katut kontéks makéna, sintaksis maluruh runtuyan kecap atawa patalina unsur-unsur basa, ari semantik maluruh harti atawa patalina unsur-unsur basa jeung acuan atawa objékna. Jengjlénganana bisa dibagankeun kieu.
Bagan : Juru Tilu Semiotik

Pragmatk, semantik, jeung sintaksis téh aya pancakakina. Patalina pragmatik jeung semantick nyaéta duanana pada-pada ngamangpaatkeun harti. Bédana téh nyaéta semantik museur kana harti dina pikiran (langue, competence), ari pragmatik museur kana harti dina omongan (parole, performance). Patalina pragmatik jeung sintaksis nyaéta duanana pada-pada ngamangpaatkeun unsur-unsur basa. Bédana téh nyaéta sintaksis museur kana runtuyan kecap-kecap atawa kalimah minangka objékna, sipatna isolatif; ari pragmatik museur kana runtuyan kalimah atawa wacana (téks) dina pamakéan, sipatna motivasional (situasional).
Kalungguhan Tata Wacana atawa pragmatik dina ulikan basa ébréh dina bagan ieu di handap.

Bagan Kalungguhan Pragmatik

Cindekna, pragmatik maluruh bagbagan makéna basa keur kaperluan nu tangtu dina hiji situasi, patalina basa jeung kontéks makéna, atawa carana milih kalimah nu keuna tur luyu jeung kabutuh panyatur. Pragmatik ngulik kondisi umum komunikasi basa nu ngawujud dina runtuyan kalimah. Ari runtuyan kalimah anu luyu jeung kontéks makéna téh disebut wacana.
Tina katerangan di luhur écés pisan yén pragmatik téh ulikan wacana atawa tata wacana, nyaéta bagian tina élmu basa anu medar wacana. Ari pedaran tata wacana téh ngurung rupa-rupa hal, di antarana baé :
1) Ciri-ciri wacana,
2) Wujudiah wacana,
3) Kontéks wacana,
4) Adegan wacana jeung,
5) Ragam (wangun, wanda, warna, jeung wujud) wacana.


G. PAMAGERPĔDIA


Ajén, niléy, harga
Anléh, bakat
Capétang, pinter sarta lancer ngomong
Coréngcang, carang, henteu pasedek, ngan saeutik di tempat anu lega
Halimpu, ngeunah kadéngéna (sora), henteu ngéngkréng
Juru catur, anu ngawakilan pikeun nyarita, juru bicara.
Kacindekan, ringkesna, péndékna tina hasil pamikiran atawa babadamian, kasimpulan.
Kamandang, sawangan kana hiji perkara.
Luhung, luhur (ajén, pasipatan, jsb.).
Magelaran, manggung, mintonkeun kasenian atawa kamonésan.
Maliré, merhatikeun, miroséa.
Munasabah, pantés, meujeuhna.
Ngadadarkeun, medar, nerangkeun.
Panumbu catur, moderator, anu ngatur lumangsungna sawala, caramah, dsb.
Pangjejer, anu nepikeun jejer sawala, caramah, jsb. Nara sumber.
Punjulna, unggulna, onjoyna, leuwhna.
Saparakanca, sabatur-batur
Tamba, ubar, panyinglar, ulah henteu teuing.

H. TOPIK DISKUSI KELOMPOK

SEJARAH PENGGUNAAN BAHASA SUNDA
DI TATAR SUNDA
Bahasa Sunda merupakan bahasa yang diciptakan dan digunakan oleh orang Sunda dalam berbagai keperluan komunikasi kehidupan mereka. Tidak diketahui kapan bahasa ini lahir, tetapi dari bukti tertulis yang merupakan keterangan tertua, berbentuk prasasti berasal dari abad ke-14.
Prasasti dimaksud di temukan di Kawali Ciamis, dan ditulis pada batu alam dengan menggunakan aksara dan Bahasa Sunda (kuno). Diperkirakan prasasti ini ada beberapa buah dan dibuat pada masa pemerintahan Prabu Niskala Wastukancana (1397-1475).
Salah satu teks prasasti tersebut berbunyi “Nihan tapak walar nu siya mulia, tapak inya Prabu Raja Wastu mangadeg di Kuta Kawali, nu mahayuna kadatuan Surawisésa, nu marigi sakuliling dayeuh, nu najur sakala désa. Ayama nu pandeuri pakena gawé rahayu pakeun heubeul jaya dina buana” (inilah peninggalan mulia, sungguh peninggalan Prabu Raja Wastu yang bertakhta di Kota Kawali, yang memperindah keraton Surawisesa, yang membuat parit pertahanan sekeliling ibukota, yang menyejahterakan seluruh negeri. Semoga ada yang datang kemudian membiasakan diri berbuat kebajikan agar lama berjaya di dunia).
Dapat dipastikan bahwa Bahasa Sunda telah digunakan secara lisan oleh masyarakat Sunda jauh sebelum masa itu. Mungkin sekali Bahasa Kw’un Lun yang disebut oleh Berita Cina dan digunakan sebagai bahasa percakapan di wilayah Nusantara sebelum abad ke-10 pada masyarakat Jawa Barat kiranya adalah Bahasa Sunda (kuno), walaupun tidak diketahui wujudnya.
Bukti penggunaan Bahasa Sunda (kuno) secara tertulis, banyak dijumpai lebih luas dalam bentuk naskah, yang ditulis pada daun (lontar, enau, kelapa, nipah) yang berasal dari zaman abad ke-15 sampai dengan 180. Karena lebih mudah cara menulisnya, maka naskah lebih panjang dari pada prasasti. Sehingga perbendaharaan katanya lebih banyak dan struktur bahasanya pun lebih jelas. Contoh bahasa Sunda yang ditulis pada naskah adalah sebagai berikut:
(1) Berbentuk prosa pada Kropak 630 berjudul Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518) “Jaga rang héés tamba tunduh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponyo, ulah urang kajongjonan. Yatnakeun maring ku hanteu” (Hendaknya kita tidur sekedar penghilang kantuk, minum tuak sekedar penghilang haus, makan sekedar penghilang lapar, janganlah berlebih-lebihan. Ingatlah bila suatu saat kita tidak memiliki apa-apa!)
(2) Berbentuk puisi pada Kropak 408 berjudul Séwaka Darma (abad ke-16) “Ini kawih panyaraman, pikawiheun ubar keueung, ngaranna pangwereg darma, ngawangun rasa sorangan, awakaneun sang sisya, nu huning Séwaka Darma” (Inilah Kidung nasihat, untuk dikawihkan sebagai obat rasa takut, namanya penggerak darma, untuk membangun rasa pribadi, untuk diamalkan sang siswa, yang paham Sewaka Darma).
Tampak sekali bahwa Bahasa Sunda pada masa itu banyak dimasuki kosakata dan dipengaruhi struktur Bahasa Sanskerta dari India. Setelah masyarakat Sunda mengenal, kemudian menganut Agama Islam, dan menegakkan kekuasaan Agama Islam di Cirebon dan Banten sejak akhir abad ke-16. Hal ini merupakan bukti tertua masuknya kosakata Bahasa Arab ke dalam perbendaharaan kata Bahasa Sunda.
Di dalam naskah itu terdapat 4 kata yang berasal dari Bahasa Arab yaitu duniya, niyat, selam (Islam), dan tinja (istinja). Seiring dengan masuknya Agama Islam kedalam hati dan segala aspek kehidupan masyarakat Sunda, kosa kata Bahasa Arab kian banyak masuk kedalam perbendaharaan kata Bahasa Sunda dan selanjutnya tidak dirasakan lagi sebagai kosakata pinjaman.
Kata-kata masjid, salat, magrib, abdi, dan saum, misalnya telah dirasakan oleh orang Sunda, sebagaimana tercermin pada perbendaharaan bahasanya sendiri. Pengaruh Bahasa Jawa sebagai bahasa tetangga dengan sesungguhnya sudah ada sejak Zaman Kerajaan Sunda, sebagaimana tercermin pada perbendaharaan bahasanya. Paling tidak pada abad abad ke-11 telah digunakan Bahasa dan Aaksara Jawa dalam menuliskan Prasasti Cibadak di Sukabumi. Begitu pula ada sejumlah naskah kuno yang ditemukan di Tatar Sunda ditulis dalam Bahasa Jawa, seperti Siwa Buda, Sanghyang Hayu.
Namun pengaruh Bahasa Jawa dalam kehidupan berbahasa masyarakat Sunda sangat jelas tampak sejak akhir abad ke-17 hingga pertengahan abad ke-19 sebagai dampak pengaruh Mataram memasuki wilayah ini. Pada masa itu fungsi Bahasa Sunda sebagai bahasa tulisan di kalangan kaum elit terdesak oleh Bahasa Jawa, karena Bahasa Jawa dijadikan bahasa resmi dilingkungan pemerintahan. Selain itu tingkatan bahasa atau Undak Usuk Basa dan kosa kata Jawa masuk pula kedalam Bahasa Sunda mengikuti pola Bahasa Jawa yang disebut Unggah Ungguh Basa.
Dengan penggunaan penggunaan tingkatan bahasa terjadilah stratifikasi social secara nyata. Walaupun begitu Bahasa Sunda tetap digunakan sebagai bahasa lisan, bahasa percakapan sehari-hari masyarakat Sunda. Bahkan di kalangan masyarakat kecil terutama masyarakat pedesaan, fungsi bahasa tulisan dan bahasa Sunda masih tetap keberadaannya, terutama untuk menuliskan karya sastera WAWACAN dengan menggunakan Aksara Pegon.
Sejak pertengahan abad ke 19 Bahasa Sunda mulai digunakan lagi sebagai bahasa tulisan di berbagai tingkat sosial orang Sunda, termasuk penulisan karya sastera. Pada akhir abad ke 19 mulai masuk pengaruh Bahasa Belanda dalam kosakata maupun ejaan menuliskannya dengan aksara Latin sebagai dampak dibukanya sekolah-sekolah bagi rakyat pribumi oleh pemerintah.
Pada awalnya kata BUPATI misalnya, ditulis boepattie seperti ejaan Bahasa Sunda dengan menggunakan Aksara Cacarakan (1860) dan Aksara Latin (1912) yang dibuat oleh orang Belanda. Selanjutnya, masuk pula kosakata Bahasa Belanda ke dalam Bahasa Sunda, seperti sepur, langsam, masinis, buku dan kantor.
Dengan diajarkannya di sekolah-sekolah dan menjadi bahasa komunikasi antar etnis dalam pergaulan masyarakat, Bahasa Melayu juga merasuk dan mempengaruhi Bahasa Sunda. Apalagi setelah dinyatakan sebagai bahasa persatuan dengan nama Bahasa Indonesia pada Tahun 1928. Sejak tahun 1920-an sudah ada keluhan dari para ahli dan pemerhati Bahasa Sunda, bahwa telah terjadi Bahasa Sunda Kamalayon, yaitu Bahasa Sunda bercampur Bahasa Melayu.
Sejak tahun 1950-an keluhan demikian semakin keras karena pemakaian Bahasa Sunda telah bercampur (direumbeuy) dengan Bahasa Indonesia terutama oleh orang-orang Sunda yang menetap di kota-kota besar, seperti Jakarta bahkan Bandung sekalipun. Banyak orang Sunda yang tinggal di kota-kota telah meninggalkan pemakaian Bahasa Sunda dalam kehidupan sehari-hari di rumah mereka. Walaupun begitu, tetap muncul pula di kalangan orang Sunda yang dengan gigih memperjuangkan keberadaan dan fungsionalisasi Bahasa Sunda di tengah-tengah masyarakatnya dalam hal ini Sunda dan Jawa Barat. Dengan semakin banyaknya orang dari keluarga atau suku bangsa lain atau etnis lain yang menetap di Tatar Sunda kemudian berbicara dengan Bahasa Sunda dalam pergaulan sehari-harinya. Karena itu, kiranya keberadaan Bahasa Sunda optimis bakal terus berlanjut.
   Tina :http://narasikafachra.blogspot.com/

-Biantara-

PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA DINA RARAGA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL
Assalamualaikum Wr. wb.
Mangga urang panjatkeun puji sareng sukur ka Allah SWT. Solawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw, ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna tug dugi ka ahir jaman.
Girang pangajen Pasanggiri Biantara Basa Sunda sareng panitia nu ku simkuring dihormat. Ibu/bapak, saderek sadaya, sareng rerencangan rumaja nu ngiringan lomba biantara anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, anu ku simkuring dihormat. Dina waktu ieu simkuring baris medar biantara anu judulna : PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA DINA RARAGA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL.
Para saderek sadayana,
Unggal bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing-masing anu dijadikeun alat pikeun ngayakeun hubungan antara hiji jelema jeung jelema sejenna dina hirup kumbuh sapopoe. Ku alatan basa jelema bisa muaskeun kabutuhan senina ku jalan ngareka basa sangkan nimbulkeun ajen seni. Ku sabab basa jelema bisa nambahan pangaweruh jeung ngamekarkeun pikiranana. Basa oge mangrupakeun ciri mandiri hiji bangsa. Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji bangsa.
Urang sadaya parantos maphum yen nagara Indonesia teh ngabogaan adat, suku, basa, agama, jeung tata kahirupan anu beda-beda di unggal tempat. Alhamdulillah ku ayana Pancasila anu mangrupakeun dasar nagara jeung palasipah nagara, sanajan beda-beda kabudayaan jeung tata kahirupan oge tapi tetep dina hiji beungkeutan, Negara Kesatuan Republik Indonesia anu ngabogaan motto Bhineka Tunggal Ika.
Salah sahiji unsur tina budaya teh nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya Sunda mangrupakeun hiji hal anu raket pisan hubunganana anu teu bisa dipisahkeun jadi sewang-sewangan. Lamun urang nyaritakeun basa Sunda hartina urang nyaritakeun budaya Sunda.
Sanajan nagara netepkeun basa Indonesia jadi basa nagara, tapi basa daerah tetep dipiara jeung dimekarkeun ku nagara. Atuh rahayatna mah dikudukeun pisan. Basa daerah ku nagara dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun jeung ngadukung budaya daerah, alat pikeun ngarojong basa nasional, jeung jadi basa panganteur di sakola dasar. Di daerah sorangan basa teh mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, jeung alat komunikasi dina kulawarga jeung masyarakat daerah. Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana ku jalan ngamumule basa Sunda, babakuna mah ku para rumaja.
Lamun ku urang dibandungan dina kahirupan sapopoe, katinggalina para rumaja ayeuna loba anu kurang wanoh kana basa Sunda. Memang, henteu sakabeh rumaja di Jawa Barat ngabogaan sikep saperti kitu. Tapi hal ieu kudu jadi kaprihatinan urang sarerea. Sabab saha deui anu bakal miara basa Sunda teh iwal ti urang sadayana, para rumaja. Ulah nepi ka urang Sunda teu wawuh kana basa Sunda. Kacida teungteuingeunana lamun hal eta karandapan ku urang Sunda.
Naon sababna rumaja ayeuna asa kurang reueus kana basa Sunda. Lamun dipaluruh, salah sahiji sababna nyaeta ayana anggapan yen basa Sunda teh hese diulik, hese dilarapkeun dina kahirupan sapopoe, teu demokratis, kapangaruhan ku feodalisme, basa Sunda teu ngindung ka waktu teu ngabapa ka jaman, jeung rea-rea deui alesan sejenna.
Padahal dina jaman ayeuna anu disebut era globalisasi jeung era informasi, babari pikeun urang neangan sumber, alat atawa literatur keur neuleuman basa Sunda, boh eta dina tipi, radio, buku, majalah, atawa koran.
Da kumaha ieu mah, lamun lalajo tipi nu dilalajoanan teh saukur pilem luar negeri jeung acara musik wungkul. Sinetron basa Sunda, wayang, hiburan tradisional Sunda, jeung acara nu ngagunakeun basa Sunda mah jigana tara ditolih-tolih acan salian ti lalaguan. Atuh dina radio sarua deuih, jigana rumaja ayeuna leuwih nyaho nu ngarana Aghata Christi, Enid Blyton, Ian Fleming, batan pangarang-pangarang Sunda saperti Yus Rusyana, M.A. Salmun, Ajip Rosyidi, Karno Kartadibrata jeung R. Ading Affandi. Kuduna mah urang teh ngarasa reueus kusabab di Jawa Barat, di tatar Sunda loba pangarang anu produktif,anu bukuna bisa dibaca ku urang, aya keneh majalah jeung koran basa Sunda anu bisa dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun basa jeung budaya Sunda.
Cindekna mah lain ulah nyaho kana budaya deungeun, tapi ulah nepi ka budaya sorangan ditampolerkeun.
Dina basa Sunda aya nu disebut undak-usuk basa, unggah-ungguh anu luyu jeung tatakrama basa. Hormat ka batur, ka saluhureun jeung ka sahandapeun. Ieu lain hartina basa Sunda kapangaruhan ku feodalisme, tapi nunjukkeun ajen luhur tina basa Sunda anu ngahargaan ka sasama manusa. Ulah nepi ka undak-usuk basa teh jadi hahalang pikeun ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe.
Ti baheula basa Sunda geus bisa narima pangaruh ti basa nu lain anu disebut basa kosta. Loba pisan basa kosta anu geus jadi basa Sunda. Teu bener lamun aya nu nyebutkeun basa Sunda teh teu demokratis, teu luyu jeung jaman jeung nutup diri tina pangaruh luar.
Dina kasempetan ieu kuring umajak ka para saderek sadaya, hayu urang babarengan miara basa Sunda. Nya rumaja ayeuna nu boga tanggung jawab pikeun ngamumulena. Mun ti ayeuna geus ngapilainkeun ka basa sorangan, eta teh karugian keur urang tatar Sunda hususna, jeung nagara umumnya.
Kacida deudeuhna lamun jaga anak incu urang basa Sundana deet pisan, kabeungharan kecapna bisa diitung ku ramo, komo kamampuan ngarang dina basa Sunda jeung ngapresiasikeun sastra Sunda. Kacida ngagerihna hate urang jeung karuhun-karuhun urang lamun anak incu urang teu nyahoeun deui saha ari udeg-udeg teh, naon ari lengkob, ngaseuk, sapocong, wanci pecat sawed, usum ngijih, jamotrot, bocokol, pagupon, paranje, teu bisa ngabedakeun antara boga, gaduh, jeung kagungan. Boa-boa lamun hayang diajar basa Sunda jeung sastra Sunda oge kudu ngulik ka mancanagara, ka Walanda, kusabab di Indonesia euweuh ahlina. Atuh basa Sunda teh kari waasna wae, kari sajarah, yen di tatar Sunda, di Jawa Barat teh baheulana marake basa Sunda. Deudeuh teuing Ki Sunda.
Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayawan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, para rumaja. Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa Sunda teh iwal ti urang. Lamun urang ngamumule basa Sunda lain hartina urang primordialis atawa provinsionalis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional, geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di Jawa Barat.
Basa Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Mung sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah. Hatur nuhun ka sadayana.
Assalamualaikum Wr. wb.
       Tina : http://narasikafachra.blogspot.com/